Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Dongeng Sunda Pendek, 3 Pengembara Di Goda Ku Syetan

 Dicaritaken di hiji mangsa aya 3 lalaki anu ker aya di hiji perjalanan , maranehannana ker ngumbara piken ngamanggihan jati diri anu sajati, 3 lalaki eta ngabogaan elmu anu kacida saktina, lamun cek pribahasanamah gunung tlah ku daki lautanpun tlah ku sebrangi, maranehannana ngagaduhan tekad anu kuat, ngan sanajan kuat ge tapi da tetep nu ngarana manusamah pasti gaduh kalemahan.

Dongeng Sunda Pendek
Dongeng Sunda Pendek

Di hiji poe 3 lalaki eta teh rereh di hiji leweung anu jauh jeng perkampungan, beteung lapar jeng haus mah ges tangtu, jabaning mata poe ges rek parem, nga uningaken pergantian beurang jeung peuting.

Tah dicaritaken yen nuhiji lalaki teh ngagaduhan inisiatif, anjeuna ngabagi tugas supados pagawean anu kapetingan ieu teh tereh angges, aya nu ngala suluh jeng aya nu ker neangan barang daharen, te lila 3 lalaki eta karumpul deui bari jeung mawa hasil pagaweana masing masing.

Aya suluh dibelem supaya te poeken, aya sampe jeng tales nya di bubuy di belem jaker tuangen, cai nginum aya cukup ker sapetingen.

Tah saparantosna tuangen teh asak nya puguh weh atuh langsung di aremam eta bubuy sampe jeung tales teh da lalapar tea.

Dicaritakeun saparantosna aremam 3 lalaki etateh marabok lalieur ngomong kamana karep siga nu ges ngakan tai ucing sampe-sampe kalemahannana sorangange di omongken, di telek-telek teh ari singhoreng anu di emam teh lain tales tapina kucububg nya atuh he-eh weh mararabok, hayoh kucubung didaharan.

Di hiji tempat dikajauhan aya hiji syetan nu ker ngintip ngamerhatiken tingkah laku 3 lalaki eta, di uningaken yen si syetan etateh anu sok ngagangu di setiap perjalanan, ngadangu naon anu ker di omongken ku 3 lalaki eta syetan langsung nyieun siasat saker ngajebak 3 lalaki eta kajalan anu pinuh kasesatan.

Poe ka poe ges di lewatan si syetan sabar nunggu waktu anu tepat ker ngagoda 3 lalaki eta.

Nah di uningaken yen nu hiji lalaki mendak ilham bahwa cenah 3 lalaki eta teh atos bade tepung ka akhir perjalanan, teras weh dicaritaken ka babaturannana, akhir perjalanan nateh aya di puncak gunung nu aya di payunennana, lamun di itung ku waktu bisa sampe satengah poe perjalanan deui, ngadangu kitu eta si syetan langsung miheulaan cenamah bade ngadamel jebakan anu pasti bakal nga gagalken usaha 3 lalaki eta.

Sabadana tengah poe 3 lalaki eta nepi ka puncak gunung anu dicaritaken, maranehannana ngarasa bingung yen kuaon di harepeunana aya 3 guha, telila kitu si syetan kaluar make mangrupa aki-aki, bahwa yen manehannana teh anu bakal nguji ka 3 lalaki eta bakal lulus atanapi henteuna, nyapuguh weh atuh 3 lalaki etateh bungah, caritanamah atos pede tea da pasti bakal lulus dinu sagala rupa cocoba.

Singkat cerita 3 lalaki etateh disitah asup ka jero guha, tah dijero guha teh aya hiji cocoba anu ges dipasang ku si syetan mangrupa kalemahan di masing-masing pengembara eta, nuhijimah di guha nateh dibere awewe da kalemahan nana ka awewe, nuhiji birehe anggur merah da kalemahan nana kana nginum, nuhiji di bere bako da kalemahanana kana udud, teras dikonci 3 lalaki eta dijero gua masing-masing, masa pengujian supados lulus teh jangkana 1 tahun, kacida bungahna si syetan ges berhasil ngelehken 3 pengembara anu sarakti.

Singkat cerita satahun kemudian si setan balik deui ka hiji gunung eta saker mastiken bangke 3 lalaki pengembara anu ker di uji di jero guha.

Guha kahiji nudibuka teh guha anu jerona awewe jeng hiji pengembar, pas dibuka eta pengembara awakna meuni kuru kalobaan teuing bercinta, pasna kaluar teh telila langsung maninggal, nyapuguh weh si syetan bungahna lain kacida.

Teras si syetan ngabuka deui guha anu ka dua anu esina 1 pengembara jeng minuman anggur, pas dibuka beteungna buncirit bari jeung abok loba teuing nginum, te lila kasenter ku panon poe langsung meninggal, didnya sisetan kacida bungahna atos menumbangkan seorang pengembara.

Dilajengken deui  sisetan nga buka guha anu katilu anu esina seorang pengembara jeng pi ududen, pas dibuka teh eta sisyetan murungkut ngadeg deg kasienan, pamikirna ieu kunaon anu kaluar di guha teh awakna meuni dagle sarua jeng petarung MMA.

Telila saparantosna panto segel guha dibuka lalaki pengembara eta langsung nyangharepan si syetan teras ngomong "Kunaon silaing mere pi ududen teh henteu jeng korekna" da telila eta si syetan langsung digeprek dipaehan.

TAMAT.

Posting Komentar untuk "Dongeng Sunda Pendek, 3 Pengembara Di Goda Ku Syetan"